Tuesday, June 21, 2005

Manuk Mahal (bodor)

"Sabaraha mang manuk ieu hargana?" ceuk saurang lalaki ka tukang manuk.

"Tah anu keur nyanyi mah hargana sajuta. Lamun itu tuh, anu cicing bae, eta mah dua juta..." bari nunjuk manuk anu ngahiul bae dina kurung.

"Har, naha bet mahal keneh anu cicing bae geuning Mang?"

"His, pan eta anu nyiptakeun laguna!"

No comments: