Monday, April 18, 2005

Bododoran Sunda (Mangle)

TOLOL KOPLOK
"Bapa, Bapa…Ibu tolol koplok!" ceuk anak kuring nu umurna karek dua taun. Kuring nu harita keur ngocok endog gorengeun reuwas. Na aya budak basana mani kasar. Jeung ku naon ka indungna nyebut tolol koplok? Can beak kaheran, kurunyung pamajikan nyampeurkeun. Kuring nanya masalah omongan budak, pamajikan nerangkeun. Maksudna mah kieu : "Bapa, Bapa… Ceuk Ibu telor teh ceplok, tong dikocok!"

(Tehas FB – Bandung)



MALING KADU
Pulisi : "Maneh maling helm ?"
Bangsat : "Taya maksad maling helm, Pa. Nyandak helm teh maksadna mah bade maling kadu, diajul!"

(Dewi Siti Aminah, Bandung)


LALAJO MAEN BAL
+ : "Mana karcis?"
- : "Da abdi mah sanes bade lalajo maen bal, Pa."
+ : "Rek naon atuh?"
- : "Bade lalajo wasit. Mingpin pertandinganana jujur teu? Mun teu jujur bade dibaledog!"
+ : "Nyingkah!"

(Cep Ugil, Karang Katresna Bandung)

No comments: